Ku: Hérmana
Aya hiji
Madrasah Aliyah (MA) anu nitah kuring ngajar. Panyana nitah ngajar Matématika,
luyu jeung jurusan kuring kuliah salila ieu.
“Di sakola
kuring aya lowongan pikeun mata pelajaran Basa Sunda,” ceuk Méli dina hiji poé.
“Kamana
guruna?” tanya kuring.
“Rumah
tangga, dibawa ku salakina,” jawabna.
Meli téh
ngajar di MA sakaligus operator.
“Daék
manéh ngajar Basa Sunda?” tanyana.
Kuring
curinghak.
“Kuring
mah teu kuliah di jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda,” ceuk kuring.
“Keun
waé,” ceuk manéhna anu geus lila ngajar di MA.
“Bisa kitu
saacan lulus kuliah geus ngajar?” tanya kuring.
“Bisa,
guru Fikih gé masih kuliah,” ceuk Méli.
Gancang
kuring nyieun surat lamaran kerja.
“Hayu
urang tepungan kapala MA!” ajakna.
“Nu bener?
Ayeuna?” kuring héran.
“Rék
iraha? Isuk? Isuk mah bisi ku batur mantén,” ceuk Méli anu gesit.
Salila ieu
Méli apaleun ka kuring anu resep maca bacaan anu maké basa Sunda. Kuring sok
nulis samodél carita pondok sarua apaleun. Manéhna gé remen maca karangan
kuring anu dimuat dina majalah jeung koran. Matak ku manéhna kuring dititah
daptar ngajar. Sakur kaleuwihan kuring ku Méli dibéjakeun ka kapala sakola. Kapala MA anu masih ngora ngarasa reueus ku
kuring. Bener-bener teu nyangka kana ieu tawaran. Beuki reueus deui sabab
kuring bisa nulis maké aksara Sunda.
Sabenerna kuring hayang kuliah di UPI. Kolot teu
ngajurung laku, melang basana téh, pedah jauh meureun. Padahal kuring téh
lalaki, ulah jadi kahariwang. Awéwé gé loba anu kuliah di kota gedé, jauh ti
lembur, teu hariwangeun kolotna. Ahirna kuring kuliah di paguron luhur swasta
anu jarakna teu jauh ti lembur. Satadina hayang kuliah di jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda,
kalah kuliah di jurusan Pendidikan Matématika. Najan kuliah teu luyu jeung
kahayang, tapi kuring sukuran bisa kénéh neruskeun nyuprih élmu. Batur mah ti
ceurik-ceurik hayang kuliah téh, kolotna teu boga béya. Aya ogé anu hayang
kuliah tapi digawé heula. Karesep kuring kana basa jeung sastra Sunda teu
leungit, teu pedah kuliah di jurusan Pendidikan Matématika. Saban saminggu
sakali meuli majalah jeung surat kabar anu ngagunakeun basa Sunda bari kuliah.
Nginjeum buku ka pabukon sakola teu tinggaleun.
Dina buku pakét basa Sunda aya matéri pupuh. Geus apal
kana ngaran 17 pupuh ti jaman keur SD. Jaman SD nu sok remen ditembangkeun téh
pupuh Kinanti. Jaman SMP nambah kabisa kuring kana pupuh Sinom jeung
Asmarandana. Keur kelas 10 SMU geus aya niat hayang jadi guru basa Sunda.
Mangka kuring rajin ngapalkeun di antarana pupuh. Tina 17 pupuh geus apal 2,
sahingga kudu ngapalkeun deui 15 pupuh. Teu ngarasa horéam, resep jeung
sumanget anu aya. Sapoé hiji pupuh. Dina 15 poé, apal sakabéh pupuh. Aya ku
matak sugema kana batin, geus bisa 17 pupuh.
“Guru basa Sunda saméméhna mah teu bisaeun nembang,” ceuk
Méli.
“Atuh kumaha dina waktuna ngajar?” tanya kuring.
“Muter
vidéo tina youtube. Kurang wibawa ceuk kuring mah,” ceuk manéhna anu ngajar
Matématika.
“Enya,
guru kudu bisa, kudu méré conto ka barudak,” ceuk kuring. Palebah nembang gé kuring geus bisa
sababaraha lagu. Saenggeus kacangkem 17 pupuh, kuring leukeun ngapalkeun
kawih-kawih Sunda di antarana Manuk Dadali, Bubuy Bulan, Sorban Palid,
Karatagan Pahlawan jeung Muhammad Toha. Kitu deui lagu-lagu pop Sunda, ku
kuring diapalkeun ngan henteu ari sapoé sapuluh lagu atawa saalbeum mah. Ayeuna sanggeus
dititah ngajar di éta sakola, kuring bakal leuwih giat deui ngapalkeun kawih
atawa lagu.
“Sunda mah
beunghar ku budaya,” ceuk Méli.
“Bener
pisan. Di antarana aya sisindiran,” ceuk kuring.
Sarua
sisindiriran gé ku kuring diapalkeun. Geus apal contona sisindiran rarakitan,
paparikan jeung wawangsalan. Ayeuna kudu leukeun deui ngapalkeun conto
sisindiran séjénna.
Loba anu
nyangka kuring kungsi kuliah di jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda.
Padahal mah lain, teu sarumpun deuih Pendidikan Matématika mah. Tina ngahonor,
kuring loba meunang kauntungan. Babaturan nambahan, pangalaman ngalegaan, jeung
meunang duit. Lumayan pikeun jajan, meuli kuota jeung meuli bénsin. Pangaweruh
jeung pangabisa kuring kana basa jeung Sastra Sunda meunang salila ieu diajar
tina rupa-rupa sumber jadi bisa diamalkeun ka barudak ku cara ngajar. Kagiatan
nulis beuki sumanget. Loba bahan atawa ideu pikeun dijadikeun tulisan. Barudak
kudu reueus kana basa Sunda. Nyarita jeung nulis kudu bener luyu jeung tata
basa.
Ku hadéna
téh, kuring mah kaasup anu babari dina urusan ngapalkeun. Téréh inget.
Ngapalkeun pupuh jeung kawih teu ieuh karasa beurat.
“Ajarkeun
kuring nulis jeung maca aksara Sunda atuh!” ceuk Méli anu ogé masih katalian
baraya.
“Heug,
siap!” kuring atoh.
Urang
Sunda kudu reueus sabab Sunda gé boga aksara anu disebut Kaganga. Kuring geus
bisa ti baheula, meunang latihan kalayan daria kumaha cara nulis aksara Sunda
Kaganga ti jaman keur sakola di SMU.
Balik
sakola kuring terus ka kota, ayeuna mah teu mawa motor. Di jero beus aya
saurang awéwé anu paromanna bangun sedih.
“Badé
angkat kamana atawa mulih ti mana ieu téh?” tanya kuring ka anu diuk gigireun.
“Puguh ieu
téh tas ngalamar gawé ka saban sakola, tapi euweuh waé lowongan,” ceuk éta
awéwé.
Panyana
kuring pangna manéhna alum téh ku sabab salakina salingkuh atawa pusing ku
hahargaan anu beuki mararahal. Karunya teuing.
“Guru Basa Sunda mah teu saloba guru Matématika misalna,
jamna ngan 2 jam pelajaran, ayana dina mulok. Guru Matématika mah loba
dipikabutuh,” ceuk éta awéwé.
Geus loba sakola anu ku manéhna didatangan, tapi euweuh
lowongan. Sawatara bulan ka tukang manéhna lulus kuliah. Balik ka lembur
sanggeus boga gelar sarjana, teu babari néangan gawé. Parinuh.
“Nu matak
héran mah, aya sakola anu guru basa Sundana téh lain lulusan Pendidikan Bahasa
dan Sastra Sunda. Ngarangkep ngajarna jeung mata pelajaran séjén. Padahal mah
ka kuringkeun anu mata pelajaran basa Sundana,” manéhna nyaritakeun
pangalamanna.
Kuring teu
némbal. Karunya. Kuring mah justru aya anu nawaran, jaba saméméh lulus kuliah
geus bisa ngajar. Moal dicaritakeun pangalaman kuring mah, bisi matak milaraan
ka manéhna. Meureun moal apaleun kuring geus ngajar, komo basa Sunda, kuriak
manéhna beuki kabitaeun, tuda kuring mah
karék tingkat dua kuliahna.
“Mugi-mugi
atuh ka payunna aya lowongan!” ceuk kuring ngarerema.
Kuliah teu
saban poé, sahingga aya waktu pikeun ngajar.
Diajar mah taya anggeusna. Kudu terus diajar. Peuting ayeuna ogé kuring keur anteng ngapalkeun, nu diapalkeunna ngaran anak sasatoan. Bener-bener hébring basa Sunda mah, ngaran anak sasatoan gé aya ngaranna. Geus apal sawaréh, ayeuna ditambahan deui ngapalkeunna supaya lega kanyaho. Dimana aya anu nanya, kuring kudu bisa némbal, ulah nepikeun ka nyebut teuing. Kaayaan geus jempling, jauh ka pitunduheun. Kuring beuki sumanget ngapalkeun, sabab poé isuk bagéan dibagi honor.